Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (5): Mapay Lebak, Legok, jeung Landeuh

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di Kabupatén Purwakarta aya ngaran tempat lebak, landeuh, jeung legok. Ngan henteu sakumaha lobana saperti pasir. Padahal éta téh lalawanan tina pasir, pangpangna mah legok.

Lebak jeung legok istilah géografis basa Sunda anu nuduhkeun tempat anu aya di handap, Lebak sacara harpiah mah sarua hartina jeung landeuh.

Kecap lebak dipaké ngaran désa, nya éta Désa Lebak Anyar (Pasawahan). Ari kampungna, aya Kampung Lebak Paku di Babakan (Wanayasa), Lebak Wangi di Cikeris (Bojong) jeung di Darangdan.

Disebut lebak sotéh mun disawang ti tonggoh. Contona mah Lembur Lebak Paku wé. Mun disawang ti Kampung Babakan, aya di luhur. Kawasna mah, tadina, disebut lebak sotéh ku nu aya di tonggoheunana, saperti urang Cileungsing, Bobojong, atawa Pasir Muncang.

Sasaruan lebak nya éta landeuh. Dipaké ngaran désa di Kiarapedes, Désa Taringgul Landeuh, lebakeun Taringguh Tengah jeung Taringgul Tonggoh di Wanayasa. Ari ngaran kampungna, aya Garokgék Landeuh di Garokgék (Kiarapedes) jeung Bendul Landeuh (Sukatani).

Baca Juga:  Ini Usul Dedi Mulyadi Untuk Atasi Banjir di Jakarta

Ngaran legok mah kaitung loba, aya kana 20-na. Lolobana di wewengkon Kabupatén Purwakarta beulah wétan. Pangpangna mah di tutugan Gunung Burangrang.

Legok téh tempat anu aya di handap, saolah-olah tanah anu kentob. Dipaké istilah géogafis pikeun nyebut wewengkon (tempat) anu kaayaanana saperti kitu.

Ari kampung anu maké ngaran legok, teu diimplik-implikan nanaon deui, aya di Pléréd, Kampung Legok. Salian ti éta mah, diémbohan ngaran anu jadi ciri mandirina.

Lamun di dinya aya tangkal huni, dingaranan Legok Huni. Malah kiwari dijadikeun ngaran désa di Kacamatan Wanayasa. Kitu deui mun aya tangkal jambu, dingaranan Legok Jambu (Garokgék, Kiarapedes).

Aya Legok Leunca (Bojong), Legok Waru (Darangdan), anu jadi cikal bakal Désa Legoksari (Darangdan).

Anu patalina jeung sato, aya Legok Macan di Babakan (Wanayasa), Legok Maung di Cihanjawar (Bojong), jeung Legok Barong di Pusakamulya (Kiarapedes).

Sato naon ari barong? Anu jelas mah lain singa, pédah aya istilah “singa barong”, éta mah singa anu jambrosan siga barong.

Baca Juga:  Polres Purwakarta Kawal Pergeseran Surat Suara ke Kecamatan

Kecap barong asalna tina basa Kawi “barwang”, asup kana basa Indonésia jadi “beruang”, disundakeun jadi “biruang”. Ari basa Sunda aslina disebut “ontohod”.

Bisa jadi baheulana mah di dinya téh aya biruang atawa ontohod anu biasa hirup di leuweung urang, kabeukina madu. Sabab can kabéjakeun aya singa di leuweung urang mah. Minangka anu disebut raja leuweung téh maung belang di urang mah.

Di Cihanjawar (Bojong) aya Legok Lomri, ari di Rancadarah (Taringgul) aya Legok Sigay. Duanana miboga lalakon tragis, anu diabadikeun dina ngaran legok.

Legok Lomri patali jeung ragragna kapal udara, bulan Januari 1986, di Gunung Burangrang. Anu jadi korbanna di antarana Marsekal Muda Ramli Sumardi. Tah, tempat ragragna téa dingaranan wé Legok Ramli.

Ngan urang dinya mah nyebut Ramli téh, Lomri baé. Hal anu biasa kajadian dina pola ucap urang Sunda, anu disebut hukum “radala” téa, nya éta patukeurna konsonan r, d, jeung l. Apan Ceu Romlah ogé sok disebut Ceu Lomrah, nénéhna Ceu Elom.

Baca Juga:  BP2MI Minta Penegak Hukum Ungkap Bandar Besar Perdagangan Orang

Legok Sigay mah kajadianana béh ditu. Raket patalina jeung peristiwa Perang Cina Makao di Purwakarta, anu jadi asal-usul ngaran Rancadarah. Kajadianana taun 1832.

Lebah dinya tempat bentrokna tentara KNIL (Walanda) jeung Cina Makao anu turun ti Pasir Nagara Cina (Wanayasa). Korbanna kaitung loba, sarta dialung-alungkeun ka hiji legok.

Éta legok téh kaitung jero ogé, anu matak pikeun ngitung jumlah korbanna laporkeuneun ka Batawi, kapaksa kudu maké sigay. Nya di lebah dinya katelah baé Legok Sigay.

Di Bojong anu kacatet loba ngaran legok téh. Salian ti nu geus disebutan ti heula, di antarana baé aya Legok Babu, Legok Korét, Legok Talang, Legok Patiot (Cihanjawar), Legok Perang (Pawenang), jeung Legok Oncom (Bojong Barat).

Di Wanayasa ogé aya Legok Gedé (Babakan), teu jauh ti Legok Barong.

Soal legok, tétéla masih kénéh loba guareun.

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah