Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (6): Ngajugjug Curug-curug

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Curug téh istilah géografis basa Sunda anu ngandung harti “cai walungan anu turun kana jurang”, basa Indonésiana mah “air terjun”.

Curug dianggap kabeungharan alam, anu mémang lajimna éndah. Tah, di Kabupatén Purwakarta aya sababaraha curug anu geus dijadikeun tempat piknik (déstinasi wisata) tur geus kajojo deuih.

Anu pangheulana dipikawanoh téh Curug Cipurut di Kampung Cileungsing, Désa Wanayasa (Kacamatan Wanayasa). Tuluy aya Curug Tilu di Désa Ciririp (Sukasari), Curug Suhada di Désa Sindanglaya (Sukatani), jeung Curug Ciséoh di Désa Cihanjawar (Bojong).

Padahal curug di Kabupatén Purwakarta téh kaitung loba, anu kacatet baé ogé aya 19. Lamun diasupkeun jeung curug anu aya di sabudeureun Purwakarta, anu aksésna ngaliwatan Kabupatén Purwakarta, bisa leuwih ti 25.

Di Kacamatan Sukasari baé, salian ti Curug Tilu téh, aya Curug Cicondong jeung Curug Mahrom di Désa Sukamanah. Terus aya deui Curug Cimata Indung di Désa Sukasari.

Baca Juga:  Pindah Rumah, Yossi Enggan Diliput Takut Disebut Lebay

Ari Curug Walanda, ayana di Désa Sukamukti, Kacamatan Maniis.

Di Kacamatan Sukatani, teu jauh ti Curug Suhada aya deui Curug Pari jeung Curug Paciungan. Tiluanana aya di Désa Sindanglaya.

Ari Curug Cisomang ayana di Désa Dépok (Darangdan). Kitu deui jeung Curug Gandasoli anu perenahna di Désa Gandasoli (Darangdan).

Di Kacamatan Bojong anu kaitung loba curug téh. Pangpangna mah di Désa Cihanjawar, anu tepung wates jeung rarambu leuweung Gunung Burangrang.

Anu kawilang deukeut ka lembur nya éta Curug Ciséoh. Munasabah mun geus mimiti loba anu ngajugjug téh.

Masih di wewengkon Cihanjawar, aya Curug Bedul, Curug Maurni, jeung Curug Cihanjawar anu ku urang dinya mah sok disebut Curug Cinyawar.

Baca Juga:  Bawaslu Jabar Klaim Pilkada 2020 Berjalan Sesuai Harapan

Teu jauh ti dinya aya Curug Panembahan di Désa Pasanggrahan, tatangga Désa Cihanjawar di Kacamatan Bojong.

Ari di Kacamatan Wanayasa, kakara Curug Cipurut anu geus kajojo téh. Padahal teu jauh ti dinya, aya Curug Cimanahrasa. Tonggoheunana, aya Curug Gedé jeung Curug Cisasarap.

Anyar-anyar ramé kapanggih aya curug di Kiarapedes anu ku urang dinya disebut Curug Sirampog.

Ngaran Curug Cipurut, beunang kabadé lantaran di dinya (tadina) aya tangkal purut. Curug Cisomang, lantaran aya di Walungan Cisomang, kitu deui jeung Curug Cicondong anu aya di Walungan Cicondong.

Disebut Curug Tilu, lantaran curugna diwangun ku tilu umpak. Dingaranan Curug Séoh, lantaran kadéngé séohna sora cai anu nyurug ti kajauhan.

Baca Juga:  Soal Investasi, Ridwan Kamil Minta BP Rebana Tidak Jaga Warung

Ari Curug Maurni, lantaran baheulana aya awéwé urang Cihanjawar anu sok ngebon lebah dinya, ngaranna Ma Urni.

Curug Bedul, lantaran di dinya sok kapanggih loba bedul alias bagong. Curug Walanda, lantaran baheulana jadi tempat panyumputan bangsa urang (pribumi) anu diudag-udag ku tentara Walanda.

Anu masih kénéh can kapaluruh téh asal-usul ngaran-ngaran Curug Cimata Indung, Curug Mahrom, Curug Paciungan, Curug Cimanahrasa, jeung Curug Sirampog. Guareun engké éta mah, dina mangsana panalungtikan toponimi Purwakarta anu daria.

Toponimi bisa jadi panyari pikeun déstinasi wisata, raket patalina jeung “kearifan lokal” di éta tempat. Anu matak ulah sok gampang ngaganti ngaran tempat, komo ku ngaran nu teu nyambung alang-ujurna mah.

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.