Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (7): Ngajajah Milangan Tegal

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tegal téh istilah géografis basa Sunda anu ngandung harti “tanah lega sarta rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul”. Sok disebut ogé tegalan.

Anu matak teu anéh baheula mah tegal téh sok dijadikeun pangangonan, tempat ngangon munding, sapi, jeung domba.

Di urang mah, baheula, carang anu ngingu embé téh. Jeung tara diangon di tegal deuih, diantep kitu wé sina jarah ulin ka pasar.

Tegal ogé jadi tempat ulin barudak lembur. Méngbal, ngadu langlayangan, ucing-ucingan, kokolécéran, jeung sajabana; sok di tegal dilaksanakeunana téh.

Upama nilik kana kaayaan tanahna mah, bisa jadi di Purwakarta (Kota) ogé loba tegal téh. Ngan meureun teu dingaranan atawa geus heubeul ganti ngaran, nepi ka teu kanyahoan ngaran asalna.

Kiwari di sabudeureun Purwakarta (Kota) kari nyésakeun tilu tempat anu maké ngaran tegal, nya éta Tegal Junti, Tegal Munjul di Kelurahan Tegalmunjul jeung Tegal Tulang di Kelurahan Purwamekar.

Aya deui Tegal Onder anu ngawates ka Kacamatan Purwakarta, tapi geus kaasup ka Désa Cidahu (Pasawahan).

Baca Juga:  Polisi Bekuk Pelaku dan Penadah Curanmor yang Beraksi di Kabupaten Purwakarta

Di Kabupatén Purwakarta kacatet aya 29 tempat anu maké ngaran tegal. Lolobana mah aya di wewengkon kidul jeung wétan Kabupatén Purwakarta.

Ari ngaranna gabungan antara istilah géografis (tegal) jeung kaayaan faktual anu aya atawa kungsi aya di dinya. Bisa tatangkalan, sasatoan, kajadian, atawa hal.

Upama di dinya aya tangkal waru, dingaranan Tegalwaru; anu kiwari jadi ngaran désa jeung kacamatan. Ari Tegalsari mah, anu dijadikeun ngaran désa, bisa jadi pamekaran ti Désa Tegalwaru.

Kabiasaan di urang, lain di Purwakarta baé, méré ngaran désa pamekaran téh, di antarana, ku cara nambahan kecap “sari”. Atawa ngaganti kecap tungtungna ku kecap “sari”. Contona Désa Wanayasa dimekarkeun, désa pamekaranana dingaranan Wanasari.

Soal ngaran désa pamekaran, engké urang pedar dina bab anu mandiri. Sabab éta kaasup fénomana toponimi anu menarik.

Upama di dinya aya tangkal malaka, dingaranan Tegal Malaka saperti nu aya di Ciririp (Sukasari) jeung Panyindangan (Sukatani).

Aya tangkal peuteuy, dingaranan Tegal Peuteuy di Ciririp (Sukasari). Aya tangkal junti, dingaranan Tegal Junti di Tegalmunjul (Purwakarta). Kitu deui mun aya tangkal kalapa, dingaranan Tegal Kalapa di Liunggunung jeung Citéko (Pléréd).

Baca Juga:  Warga Berhasil Gagalkan Pencurian Kerbau di Sodonghilir Tasikmalaya

Terus aya Tegal Laja di Sindanglaya (Sukatani) jeung Babakan (Wanayasa). Tegal Pari di Sumurugul (Wanayasa), Tegal Kupa di Babakan (Wanayasa), Tegal Gombong di Liunggunung (Pléréd), jeung Tegal Loa di Cipinang (Cibatu).

Tegal anu lega, disebut Tegal Lega di Nagrog (Wanayasa), tegal anu rata disebut Tegal Datar, malah dijadikeun ngaran désa di Maniis. Aya Tegal Miring deuih di Sukamaju (Sukasari) jeung Cipicung (Sukatani).

Jadi Tegallega téh lain ngan aya di Kota Bandung baé, di Nagrog ogé aya.

Tegal anu jadi sayang bagong atawa sok loba bagong, disebut Tegal Bagong di Cihanjawar (Bojong). Ari nu sok dipaké ngangon sapi, ngaranna Tegal Sapi di Néglasari (Darangdan). Nu sok dipaké ngangon munding, disebut Tegal Munding di Pusakamulya (Kiarapedes).

Baheula mah sapi jeung munding téh loba gunana, lain wungkul diarah dagingna. Munding jeung sapi sok dipaké narik padati, lain wungkul keur ngawuluku di sawah deuih.

Balantik sapi jeung munding harita, kaasup bisnis anu ngauntungkeun. Teu saeutik bandar sapi jeung munding anu jaradi jalma jegud atuh.

Baca Juga:  Penggalangan Dana Untuk Korban Gempa, Dinsos: Harus Ada Izin

Munding umumna dipaké narik padati di wewengkon anu loba tanjakanana, ari sapi dipaké narik padati di daérah anu rélatif leuwih rata. Malah nepi ka taun 1980-an mah, masih kénéh kapanggih padati anu ditarik ku sapi tingkolotrak di Kota Purwakarta.

Di Pléréd padati anu ditarik ku sapi disebutna paléréd, saméméh diganti ku gelebeg anu ditarik ku kuda.

Di Purwakarta aya Tegal Onder, anu kiwari kaasup ka Désa Cidahu (Pasawahan). Onder téh basa Walanda, anu hartina “camat” (jaman Walanda). Ku bangsa urang, camatna sok disebut “Juragan Onder” atawa “Juragan Camat”.

Bisa jadi Tegal Onder téh kaasup tanah pamaréntah (kacamatan) atawa anu bogana “Juragan Onder”.

Masih kénéh loba guareun soal tegal di Kabupatén Purwakarta téh. Di antarana baé Tegal Munjul (Purwakarta), Tegal Tulang (Purwamekar, Purwakarta), Tegal Pilar (Sindangsari, Pléréd), jeung Tegal Lumbung (Cikeris, Bojong).

Lajengkeuneun. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.