Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (8): Maluruh Gunung-gunung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tong sok nganggap énténg kana toponimi, sakapeung mah sok aya kabéjakeunana.

Dua taun ka tukang warga tilu désa di Kacamatan Gékbrong, Cianjur, marudah nolak éksploitasi tambang emas di wilayahna. Aya kandungan emas di salasahiji gunung anu aya di éta wewengkon, nya éta Gunung Kancana.

Kancana téh asalna tina basa Sangsekerta, hartina “emas”. Gunung Kancana sarua hartina jeung “Gunung Emas”. Tétéla, kolot baheula mah teu sabongbrong méré ngaran tempat téh.

Ari kandungan emasna, teu kira-kira, diperkirakeun aya tilu ton, anu bisa dikunjalan salila 25 taun.

Di Purwakarta ogé aya ngaran tempat anu maké “kancana” téh, tapi lain gunung. Leuwih leutik ti gunung, nya éta Pasir Kancana di Sukamukti (Maniis). Naon sababna dingaranan Pasir Kancana? Kolot di dinya aya nu nyahoeun, pastina mah.

Di Kabupatén Purwakarta ogé loba gunung. Pangpangna mah di belah kidul jeung wétan. Manjang ti Tegalwaru nepi ka Kiarapedes. Anu kacatet wungkul ogé aya 25 gunung.

Geus puguh ari Gunung Burangrang mah nya, da éta katembong ngajegir ti madhab papat. Ngurung opat kabupatén jeung kota: Purwakarta, Subang, Bandung Barat, jeung Cimahi.

Baca Juga:  Gugatan Dikabulkan MK, Bima Arya Jabat Wali Kota Bogor hingga 2024

Di Kacamatan Tegalwaru aya Gunung Anaga, Gunung Bongkok, Gunung Parang, jeung Gunung Solasih.

Di Sukasari aya Gunung Haur, Gunung Lésang, Gunung Karadak, jeung Gunung Buleud.

Ari di Maniis aya Gunung Karung jeung Gunung Mandalawangi. Di Jatiluhur aya Gunung Selaawi jeung Gunung Cilalawi.

Ari Gunung Cupu aya di Pléréd. Lamun Gunung Lembu asup ka wewengkon Sukatani. Sarua jeung Gunung Putri sarta Gunung Sembung.

Di Darangdan aya Gunung Héjo, Gunung Canar, jeung Gunung Paténggéng. Di Bojong aya Gunung Pangukusan, Gunung Bakti, jeung Gunung Gedogan.

Di Wanayasa aya Gunung Sunda jeung Gunung Wayang. Ari di Kiarapedes aya Gunung Geulis.

Upama ku urang diimeutan, tétéla loba ngaran gunung di Kabupatén Purwakarta anu sarua jeung ngaran gunung di tempat séjén. Bisa disebutkeun gunung sakembaran.

Upamana baé Gunung Bongkok. Salian di Tegalwaru téh, aya di Salopa (Kabupatén Tasikmalaya) jeung di tapel wates Warungkiara jeung Jampangtengah (Kab. Sukabumi).

Baca Juga:  Info Penting dari BPOM Soal Obat Covid-19

Bisa jadi lantaran éta gunung-gunung téh katémbongna sarua, siga nu bongkok. Padahal Gunung Bongkok di Tegalwaru ngaranna geus aya ti abad ka-16 mula. Buktina geus kauni dina naskah Sunda kuno “Bujangga Manik”.

Aya lima gunung di Kabupatén Purwakarta anu kasabit-sabit dina naskah “Bujangga Manik” téh. Nya éta Gunung Sempil, Gunung Bongkok, Gunung Cungcung, Gunung Burangrang, jeung Gunung Paténggéng.

Anu teu kanyahoan raratanana téh Gunung Sempil jeung Gunung Cungcung. Anu jelas mah perenahna henteu jauh ti Gunung Bongkok, saméméh Gunung Burangrang.

Gunung Haur di Sukasari, aya ngaran kembarna di Cigugur (Kab. Pangandaran) jeung Sindangkasih (Kab. Majalengka). Sarua papada Gunung Haur. Bisa jadi, lantaran di éta gunung loba tangkal haur.

Gunung Karung di Maniis, aya barayana sasama Gunung Karung di Luragung (Majalengka). Malah ngaran Maniis ogé aya di Majalengka mah, ngaran désa di Kac. Cingambul.

Gunung Cupu di Pléréd boga baraya sangaran di Sindangkasih (Kab. Ciamis) jeung Cimanuk (Kab. Pandéglang, Banten).

Geus aya dua ngaran tempat Sindangkasih, katilu anu aya di Purwakarta. Bisa jadi kabeneran, bisa jadi ogé aya hubungan sajarahna. Guareun deui baé.

Baca Juga:  Razia Gabungan Polres Ciamis Amankan 5 Kendaraan Bus

Di Sukatani aya Gunung Sembung, anu sarua ngaranna jeung gunung anu aya di Cirebon.

Dumasar carita rayat di dinya, di Gunung Sembung Sukatani téh aya makam karamat, nya éta Makam Embah Kuwu atawa Syéh Natawali. Salasaurang ulama anu nyebarkeun agama Islam, anu asalna ti Cirebon.

Ari Gunung Bakti di Cihanjawar mah béda deui caritana. Padumuk di éta gunung kungsi ruksak, lantaran imahna diduruk ku gorombolan DI/TII, kira-kira awal taun 1960-an. Tuluy dihadéan deui kalawan dibaktikeun, dipigawé gotong royong ku sakabéh komponén masarakat. Nya ti harita dingaranan baé Gunung Bakti.

Gunung Buleud, Gunung Geulis, Gunung Pangukusan, jeung Gunung Wayang miboga ngaran kembaranana di daérah séjén. Ieu bisa jadi bahan ulikan toponimi anu menarik.

Unggal gunung, naon baé ogé ngaranna, miboga carita séwang-séwangan. Ti mimiti anu patalina jeung sajarah, sosial, kapercayaan, jeung salian ti éta.

Lajengkeuneun. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.