Carita Rayat Bandung: Sasakala Gunung Geulis

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Jaman baheula di hiji patapan Gunung Patuha, aya pandita anu gentur tapana tur kakoncara sakti mandraguna pilih tanding.

Éta pandita téh boga anak hiji, awéwé geulis. Tabéatna éstu soléh. Sagala papatah nu jadi kolotna taya hiji gé anu dipungpang.

Nincak umur sawawa adatna angger teu robah. Angger pikaresepeun batur, kayungyun. Eukeur mah geulis, katambah disipuh ku budi parangi anu hadé.

Bapa Nyi Mojang apaleun kana tabéat nu jadi anakna. Lain teu hayang buru-buru ngawinkeun, ngan can aya pijodoeunana.

Hiji mangsa méméh indit cara sasari, Ki Pandita téh ngageroan jadi anakna.

“Nyai Geulis, anak Ama, cik ka dieu heula sakedap! Aya nu rék diomongkeun ka hidep,” ceuk Ki Pandita.

Koloyong Nyi Mojang téh nepungan nu bapana. Bari tuluy ngomong, “Ama, aya pikersaeun naon? Abdi mah sok asa rareuwas upami disauran ku Ama téh. Sok inggis abdi ngalampahkeun kalakuan anu teu parok sareng nu sanés.”

“Tong reuwas-reuwas geulis! Hidep mah taya kasalahan nanaon. Ngan Ama téh aya nu hayang ditanyakeun ka hidep. Kitu gé Ama téh hayang jawaban nu jujur ti hidep.

“Tah kieu Geulis, naha hidep teu hayang buru-buru rumah tangga? Naha geus aya jajaka anu cop jeung lelembutan hidep?” ceuk Ki Pandita.

Baca Juga:  Ini Dia Balasan Puisi Untuk Sukmawati

Nyi Mojang ukur ngajawab ku gideug bari imut.

“Ama mah moal maksa hidep kudu buru-buru rumah tangga. Tah, ayeuna Ama rék indit ninggalkeun hidep. Pastina mah rada lila ogé. Kadé sing iatna di imah nya! Ulah ngasupkeun jalma nu matak nyilakakeun ka diri hidep,” ceuk Ki Pandita deui.

“Mangga, ku abdi sagala piwuruk Ama diéstokeun pisan,” témbal Nyi Mojang.

Dina hiji mangsa datang nu jajaluk. Hiji aki-aki, awakna rangkebong alatan nahan lapar. Leumpangna rumanggieung, sirahna lilinieun, pipina kemong. Panonna bolotot nolol, kulitna pararéot.

“Sampurasun, Nyai! Naha keur aya di imah?” ceuk nu jajaluk.

“Rampés, Aki. Mangga linggih ka lebet!” témbal Nyi Mojang.

“Geulis, wios Aki mah di luar wé. Kapan hidep téh nyorangan. Bilih aya cariosan nu mitnah ka hidep.”

Dasar Nyi Mojang hadé haté, nempo aki-aki jiga anu kalaparan, teu talangké nyuguhan dahar saaya-aya.

Réngsé dadaharan, Si Aki katémbong sugema. Pok nyarita, “Nuhun, Nyai.”

“Sawangsulna, Aki.”

“Nyai, ieu Aki méré keris. Gunana pikeun ngajaga diri. Ngan omat ieu keris téh ulah jauh ti diri hidep, sarta teu meunang ditunda dina lahunan, lantaran bakal aya kajadian nu bakal tumoba. Omat nya geulis, tengetkeun omongan Aki!”

Baca Juga:  Hadir di 15 Kota Baru, ShopeeFood Dorong Digitalisasi di Kota-Kota Kecil

Keris eluk tujuh dibikeun ka Nyi Mojang, Si Aki indit ninggalkeun imah Nyi Mojang. Teu lila, les baé si Aki téh ngaleungit, ilang lebih tan pakarana.

Dina hiji mangsa, Nyi Mojang geus mandi jeung diangir. Bari moyan nuhurkeun buuk, manéhna neukteukan kuku.

Abong manusa sok keuna ku poho, keris téh ku manéhna ditunda dina lahunanana. Barang sadar, manéhna ngaranjung, reuwas kacida geus ngalanggar amanat Si Aki.

Ngan les waé keris anu aya dina lahunanana téh ngaleungit, teuing ka mana léosna.

Tujuh bulan ti harita, ti saprak Nyi Mojang kaleungitan keris tea, manehna teu weléh dikungkung ku kabingung. Lantaran ujug-ujug kakandungan, bari jeung teu rumasa kungsi ngalakukeun pagawéan anu nirca, méngpar tina papagon agama jeung kapercayaana.

Waktu Ki Pandita datang ka patapan, kacida ngambekna. Disangkana anakna téh geus ngalakukeun pagawéan nirca, méngpar tina papagon agama jeung kapercayaana.

Nyi Mojang susumpahan, yén manéhna teu ngalakukeun éta pagawéan.

Ki Pandita ménta bukti, lamun Nyi Mojang masih kénéh suci, kudu bisa mindahkeun tujuh pasir dina sapoé sapeuting.

Dina kaayaan bubureuyeungan Nyi Mojang gancang ngamimitian digawe. Teu kungsi lila, kadéngé sora atra pisan.

Baca Juga:  Dampak Covid-19, Teknologi Konferensi Video Sangat Dibutuhkan Komunitas Bisnis

“Ibu, tong janten émutan teuing, kasesah ibu nya kasesah abdi. Nya alatan abdi pisan, Ibu janten nandangan tunggara. Wios ieu padamelan téh urang réngsékeun ku abdi.”

Éta sora téh tétéla kaluar tina jero beuteungna.

Sabada nyarita kitu, teu karasa kerelek wé Nyi Mojang téh heuay. Panonna ngarasa tunduh kacida. Les baé kasaréan. Subuh-subuh kakara panonna bisa dibeuntakeun.

Anéh pisan, tujuh pasir nu galedé téh geus bisa dipindahkeun dina waktu sapeuting. Taneuhna ngunung-ngunung ngajanggélék jadi hiji gunung nu kacida gedéna.

Sanggeus pagawéanana réngsé, Nyi Mojang mulang nepungan bapana di patapan. Ahirna bapana percayaeun, yén anakna henteu ngalakukeun pagawean nu nirca.

Ki Pandita ngahampura kana kajadian anu tumiba ka anakna. Ngan anéhna, sabada dihampura ku bapana, kakandungan Nyi Mojang ogé ngaleungit, sarta robah deui jadi keris eluk tujuh.

Ku masarakat di dinya, tujuh pasir anu dipindahkeun jadi gunung teh, dingaranan Gunung Geulis. Sabab sasatna mah beunang mindahkeun Nyi Mojang téa anu kawentar kageulisanana.

Gunung Geulis anu ieu mah anu perenahna di pakidulan Kabupatén Bandung, teu jauh ti Gunung Patuha. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.