Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (9): Ngalongok Kebon jeung Sawah

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Baheula mah waktu masih kénéh lalega, can gegek padumukna, loba kebon jeung sawah di Purwakarta téh. Kiwari sawaréh ngan kari ngaranna.

Anu kakoncara nya éta Kebonkolot di Kelurahan Nagrikalér (Purwakarta). Dingaranan Kebonkolot, lantaran dianggap kebon pangkolotna di éta wewengkon.

Saur Abah Bagja (Bapa R. Garsubagja, almarhum), éta kebon téh tadina mah paranti piknik jeung curak-curak dalem (bupati) katut para ménak Purwakarta lianna. Tangtuna ogé baheula mah can gegek kawas ayeuna.

Ka dieunakeun, teu jauh ti Kebonkolot aya kebon jeruk anu Juragan Oesman. Kebon jeruk garut kawilang lega. Perenahna anu ayeuna jadi Perumahan Usman, ngalap ka ngaran anu boga tanahna nya éta R. Oesman Singawinata.

Geus teu nyésa kebon jerukna mah, kaasup jeung ngaranna. Malah sakapeung mah cukup ku disebut Usman baé.

Ngaran Kebonkolot di Kabupatén Purwakarta aya hiji deui, anu perenahna di Cibogohilir (Pléréd). Salian ti éta, di dinya ogé aya Kebonkopi deuih, anu kiwari mah sawaréh geus jadi lembur.

Baca Juga:  Daerah Perlu Terapkan Sapta Pesona

Saéstuna mah kebon kopi di Purwakarta téh kawilang loba jeung lega, sabab baheula Jaman Tanam Paksa (Cultuurstelsel) alpukahna Johannes van den Bosch (1780-1844), Purwakarta jadi salasahiji daérah andelan produksi kopi di Priangan.

Malah statsion karéta apina ogé, Statsion Purwakarta kiwari, katelahna téh Statsion Kopi.

Ari Kebonjeruk masih kénéh nyésa ngaranna di Tegaldatar (Maniis). Teu jauh ti dinya, aya deui Kebonjéngjén, masih di wewengkon Tegaldatar.

Kebonkalapa aya deuih, perenahna di Malangnengah (Sukatani). Di Panyindangan (Sukatani) ogé aya Keboncau.

Ari di wewengkon anu loba ngahasilkeun cau, saperti di Sukasari, euweuh tempat anu kaustara ngaranna Keboncau

Kebonjahé di Nagrikalér (Purwakarta) kiwari ngan kari ngaranna. Kawantu aya di tengah kota, geus gegek ku wangunan. Anu rada mending téh Kebonseureuh di Campakasari (Campaka).

Sabada ngalongok kebon, ayeuna urang ngalalar ka sawah-sawah di Kabupatén Purwakarta.

Baca Juga:  Mobil Barbuk Kasus First Travel Bebas Seliweran

Anu pangheulana, tangtu baé Pasawahan, anu kiwari jadi ngaran Kacamatan. Ti baheula ogé di dinya mah geus aya sawah. Geus aya lembur. Jauh ti saméméh ibukota Kabupatén Karawang dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih (1830) anu dingaranan Purwakarta.

Ngan diwangun deui sawah-sawah anyar, cohagna mah dilegaan deui, sabada aya dayeuh Purwakarta. Maksudna mah pikeun nyumponan kabutuh warga Purwakarta, ulah nepi ka nguyang béas ka daérah séjén.

Dilegaan mareng jeung diwangunna Kantor Karesidenan, dibebenahna Situ Kamojing jeung Situ Buleud, sarta dijieunna Solokan Gedé pikeun kaperluan cai di Situ Buleud.

Solokan Gedé sumber caina ti situ anu aya di Pondoksalam. Perenahna di Lembur Situ kiwari. Ti Situ Buleud ogé aya solokan deui, ngaliwat ka Ciharashas (di Jalan Tengah kiwari), ngaliwat ka bui (penjara), meuntas ka Cipaisan, anu terus brasna ka Walungan Cikao.

Kolot baheula mah, kaasup bangsa Walanda di urang, ngawangun Situ Buleud téh bari jeung dipikiran keur nyaianana deuih. Tara kabéjakeun saat, baheula mah.

Baca Juga:  Inilah Beberapa Nama Dan Profil Pemeran Film Safe

Mangpaatna ogé langsung karasa ku masarakat anu aya di sabudeureunana. Kaasup nyieun sawah-sawah anyar di sapanjang Solokan Gedé.

Di Pasawahan kiwari masih kénéh aya lembur Sawah Tengah jeung Sawah Kulon, malah Sawah Kulon mah geus jadi ngaran désa.

Di Bojong jeung Wanayasa deuih anu loba ngaran tempat nu maké sawah téh.

Di Bojong aya Sawahlega, anu ngurung Pasanggrahan jeung Cikeris. Aya Sawahkadu, Sawahmanggah, Sawahrandu, jeung Sawahsurian di Cihanjawar.

Ari di Wanayasa aya Sawahbuah, Sawahmuncang, jeung Sawahsitu di Babakan. Terus deui aya Sawahlega, Sawahgedong, Sawahparingga, jeung Sawahkalér di Wanayasa.

Tangtu baé masih kénéh aya, bisa jadi loba, ngaran sawah di Kabupatén Purwakarta anu can kakémot.

Keun, guareun engké. Minangka bubuka mah, sakitu baé heula.

Lajengkeuneun (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.