Carita Rayat Tasikmalaya: Sasakala Lembur Panyalahan

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Lembur Panyalahan téh perenahna di wewengkon Pamijahan, Kacamatan Bantarkalong, Kabupatén Tasikmalaya.

Pangna dingaranan Lembur Panyalahan téh cenah ku lantaran salah sangka, teu asak jeujeuhan nu ngalantarankeun piaraan nu dipikameumeutna jadi korban. Dongéng lengkepna mah kieu:

Jaman baheula, di hiji lembur aya kulawarga patani anu hirupna ayem tengtrem. Éta kulawarga téh ngabogaan budak orok kénéh.

Dina hiji poé, éta patani téh manggih anak maung anu ditinggalkeun paéh ku indungna. Anak maung téh dirorok jeung dipikanyaah ku kulawarga patani sarta dingaranan “Si Loréng”.

Si Loréng ngarasa kahutangan budi ku patani, nu matak manéhna nurut jeung taat ka kulawarga patani. Malah lamun dititah nungguan anak patani manéhna sok nurut sarta satia nungguanana.

Hiji mangsa, saperti biasa, pamajikan patani nganteuran ka sawah. Orokna ditungguan ku Si Loréng, da teu dibawa ka sawah. Tepi ka sawah, dibagéakeun ku salakina, terus gura-giru hanjat ka saung sarta am dahar mani pogot pisan. Eureuleu teurab.

Baca Juga:  Perda KTR Tetap Prioritaskan Kepentingan Ekonomi

Réngsé dadaharan, tuluy duanana uplek ngobrol. Nyaritakeun anakna jeung kareueusna ka Si Loréng anu satia. Sarta bisa diandelkeun nungguan anakna nu masih kénéh orok.

Barang keur ngobrol kitu, teu kanyahoan ronghéap baé Si Loréng téh datang, ngadeukeutan saung. Buntutna dikupat-képot, terus awakna diusap-usapkeun kana suku patani, sorana ngagerem siga aya nu rék dibéjakeun.

Patani héraneun ningali kalakuan Si Loréng kitu téh. Maranéhna kacida reuwaseunana barang nénjo sungut Si Loréng pinuh ku getih, katémbong anyar kénéh.

“Boa-boa S Loréng téh geus ngahakan anak aing!” ceuk pikirna. Ngan gantawang wé éta patani téh nyarékan laklak dasar ka si Loréng.

“Héy, Loréng, manéh geus wani-wani ngahianat ka aing! Manéh pasti geus ngahakan anak aing, nya?”

Si Loréng kalah ka mencrong, siga nu teu boga dosa, terus huluna diguda-gideugkeun. Tina sangutna, ngeclakkan getih seger.

Baca Juga:  Begini Kesan Dedi Mulyadi Usai Menonton Si Doel The Movie

Nénjo kitu, pamajikan patani ceurik jejeritan, bari nyarékan Si Loréng.

“Awas siah Loréng … dasar sato siah, nu asih dipulang sengit, ku aing dirorok ti leuleutik ari ayeuna kalah ngahakan anak aing! Tobat… Gusti, kumaha teuing anak aing, kaduhung… kaduhung!” ceuk pamajikan patani bari terus jejeritan.

Nénjo pamajikanana ceurik bari jejeritan, patani téh beuki ambekeun ka Si Loréng, terus mesat bedog tina sarangkana. Teu antaparah, habek éta bedog téh dikadékkeun kana beuheung si Loréng.

Si Loréng ngagerung nahan kanyeri, bari teu walakaya. Panonna neuteup siga nu nganaha-naha. Patani beuki ngagedur amarahna nénjo Si Loréng teu paéh téh. Ngan habek-habek beuheung Si Loréng ditigas deui ku bedog patani nepi ka hulu si Loréng leupas tina awakna sarta paéh saharita.

“Modar siah.. dasar sato bangkawarah! Teu beunang dipikayaah, kalah ka ngahakan anak aing!” ceuk patani.

Baca Juga:  Fariz RM Ditangkap Di Depan Keluarga

Sanggeus kitu, bari satengah lumpat, patani jeung pamajikanana, balik muru ka imahna rék néang anakna.

Barang tepi ka imahna, bréh téh anakna masih kénéh aya dina ayunan keur saré tibra. Terus dipangku bari diciuman. Bray orok téh beunta, belenyéh seuri neutueup ka indung bapana.

Barang rét ka handapeun ayunan, kasampak aya bangké oray nu sakitu gedéna boborot ku getih. Patani jeung pamajikanana kakara sadar, yén Si Loréng téh geus nyalametkeun anakna tina bahaya, nya éta oray nu sakitu gedéna.

Maranéhna kacida ngarasa handeueulna, geus salah sangka ka Si Loréng, nepi ka dipaténi, padahal si Loréng téh sakitu satia jeung belana ka kulawargana.

Ku éta kajadian, tempat pamatuhan patani téh dingaranan “Lembur Panyalahan” nurut kana nyalahanana patani ka Si Loréng. Tug tepi ka kiwari éta tempat téh katelah “Lembur Panyalahan”. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.