Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (10): Ngala Lauk di Parakan

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kalangenan ménak baheula, salian ti moro téh nya éta marak. Marak téh nyaatan sabagian walungan atawa susukan pikeun diala laukna.

Pétana, walungan atawa susukan téh dibendung girangeun bagian anu rék diala laukna téa. Geus saat mah tuluy ngarala lauk, ubyag ngadon kukucaprakan di walungan.

Lobaan deuih, da tampolana mah rahayat ogé sok milu ancrub ngala lauk. Laukna sok réa-réa baé, sabab biasana di tempat marak aya larangan teu meunang ngala lauk sambarangan.

Cohagna mah diparak téh disaatan. Anu matak aya wé babasan, mun anu nganjang diparak sarua hartina jeung teu dibéré cai-cai acan.

Parak téh basa Sunda loma, ari basa lemesna (ragam hormana) munday. Ari tempat marakna disebut “parakan” atawa “pamundayan”.

Tah, di Kabupatén Purwakarta ogé aya parakan téh, pamundayan aya deuih. Lolobana di beulah wétan, arah ka wewengkon Wanayasa kiwari.

Baca Juga:  Begini Tips Memilih Bra Wanita yang Cocok dan Menyehatkan Payudara

Di Kacamatan Kiarapedes aya Parakangarokgék nu geus jadi ngaran désa jeung Parakanceuri di Désa Pusakamulya. Bisa jadi walungan anu baheula sok dipaké marakna mah sarua, nya éta Walungan Cilamaya.

Perenahna Parakanceuri aya di girangeun Parakangarokgék. Teu kaitung jauh wé sakitu mah. Malah baheulana mah, saméméh aya pamekaran, Parakanceuri téh kaasup ka Désa Parakangarokgék.

Awal taun 1900-an, upamana, Kacamatan Wanayasa téh ngan diwangun ku tilu désa, nya éta Désa Wanayasa, Désa Cikerisgirang, jeung Désa Parakangarokgék.

Di Kacamatan Pondoksalam ogé aya Parakansalam, anu kiwari jadi ngaran désa jeung Pamundayan di Bungurjaya. Duanana kaliwatan ku Walungan Cihérang, duanana ogé kaasup daérah kolot.

Pamundayan, upamana, taun 1827 kacatet jadi wates belah kulon perkebunan entéh anu aya di Wanayasa. Nya éta perkebunan entéh munggaran anu aya di Indonésia, disebutna ogé perkebunan entéh percobaan. Sarua jeung perkebunan entéh anu di Gunung Raung, Banyuwangi (Jawa Timur).

Baca Juga:  Duh.. Jutaan Pegawai di Jabar Belum Jadi Peserta BPJS TK

Wates-watesna éta perkebunan: belah kidul Sindangpanon (Bojong), belah kalér Cirahayu (Kiarapedes), belah wétan Parakanceuri (Kiarapedes), jeung belah kulon Pamundayan (Pondoksalam).

Teu jauh ti dinya, aya deui Parakanlima anu kaliwatan ku Walungan Cikao, anu kiwari mah jadi ngaran désa kaasup ka Kacamatan Jatiluhur. Di Kacamatan Sukatani wé aya tempat anu ngaran Parakan téh, perenahna di Désa Sindanglaya.

Disebut Parakangarokgék lantaran perenahna di Garokgék. Ari disebut Parakanceuri, lantaran di dinya aya tangkal ceuri. Tangkal sarupa manggu, ngan buahna leuwih leutik ti manggu.

Di tempat marak loba tangkal salam, nya disebut wé Parakansalam.

Parakanlima mah béda deui. Nurutkeun carita rayat di dinya, raket patalina jeung tentara Mataram basa rék ngarurug Kumpeni di Batawi taun 1626.

Baca Juga:  Memahami Dana Jasa Pelayanan Kesehatan Berdasarkan Permenkes No 21 tahun 2016

Pasukan Mataram nyieun gudang-gudang perbekalan di dinya, anu dipingpin ku lima urang ngabei, nya éta Rd. Ngabei Singawijaya, Rd. Ngabei Singadilaga, Rd. Ngabei Singadipura, Rd. Ngabei Singodimejo, jeung Rd. Ngabei Singomenggolo.

Éta ngabei nu limaan téh cicing di dinya salila ngadagoan mangsana nyerang ka Batawi. Kabeneran di dinya téh parakan, nya katelah baé Parakanlima nepi ka kiwari.

Sabada nyerang Batawi mah, éta ngabei anu limaan téh teu kacaturkeun deui nasibna. Ngan kungsi kacaturkeun aya salasaurang ngabei anu kawin ka anak patinggi Colobong, lembur nu teu jauh ti dinya.

Saenyana masih kénéh loba carita rayat anu patali jeung parakan téh. Keun, éta mah urang caritakeun deui dina jejer tulisan anu merenah.

Lajengkeuneun. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.