Sausap-sausap Toponimi Purwakarta (11): Kembar Sari Suka Mekar

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Salian ti Gedong Kembar, tétéla di Kabupatén Purwakarta ogé aya sawatara désa kembar. Maksud téh anu sarua pisan ngaranna. Lamun teu disebutkeun kacamatanana mah atawa kode posna, matak sasab anu ngirim pakét.

Upamana baé Désa Citalang. Di Kacamatan Tegalwaru aya, di Kacamatan Purwakarta ogé aya. Kabeneran deuih Citalang téh hiji-hijina désa anu can jadi kelurahan di Kacamatan Purwakarta.

Di Kacamatan Tegalwaru aya Désa Pasanggrahan, sarua jeung di Kacamatan Bojong. Ari Kampung Pasanggrahan aya di Désa Bénténg (Campaka) jeung Désa Cilégong (Jatiluhur).

Désa Linggasari aya di Kacamatan Darangdan jeung Kacamatan Pléréd. Di Kacamatan Pléréd ogé aya Désa Sindangsari, sarua jeung di Kacamatan Bojong.

Désa Linggasari di Kacamatan Bojong, bisa jadi pamekaran ti Désa Cilingga. Ari Désa Sindangsari, masih di Kacamatan Bojong, pamekaran ti Désa Sindangpanon.

Désa Sindangsari di Kacamatan Pléréd, bisa jadi éta ogé désa pamekaran. Ngaranna mungkin baé dicokot tina dua “sindang” anu aya di dinya, ngan jadi misah désa: Sindang Aso jeung Sindangpalay.

Kecap “sari” mémang salasahiji kecap anu kawilang populér dina méré ngaran tempat. Loba désa anyar hasil pamekaran anu ditungtungkan ku kecap “sari”, atawa diganti bagian ahirna ku kecap “sari”.

Baca Juga:  PMK di Bandung Barat Kian Meresahkan, Akibatnya Peternak Merugi Miliaran Rupiah

Conto kahiji, Désa Campaka (Campaka) dimekarkeun, désa pamekaranana dingaranan Campakasari.

Conto kadua, Désa Sindangpanon dimekarkeun, désa pamékaranana dingaranan Sindangsari. Atawa Désa Wanasari anu mangrupa désa pamekaran ti Désa Wanayasa.

Salian ti kecap “sari”, kecap “mekar” deuih anu loba dipaké ngaran désa pamekaran di Kabupatén Purwakarta téh. Kecap “jaya” jeung “mulya” ogé aya, ngan teu loba cara di kabupatén séjén.

Méré ngaran tempat mémang taya bédana ti méré ngaran jelema. Ngaran téh do’a, cenah. Ngalap berkahna tina ngaran, miharep désana jadi nambahan “sari”, “mékar”, “jaya”, jeung “mulya”.

Taya salahna mémang. Ngan taya deui kitu pingaraneun anu saluyu jeung sajarahna, kaayaan tempatna, sarta ciri mandirina di éta tempat?

Mémang henteu sakabéh ngaran tempat anu maké kecap-kecap di luhur téh ngaran anyar. Ngan umumna anu méré ngaran tempat atawa désa anyar di urang polana samodél kitu.

Di Kabupatén Purwakarta kawilang loba ngaran tempat anu maké “sari”. Bisa jadi baheulana geus kitu, saperti Sukasari (Sukasari), Tanjungsari (Pasawahan), jeung Banjarsari (Purwakarta). Bisa jadi anyar deuih, lantaran aya pamekaran désa atawa kelurahan.

Baca Juga:  ASN di Kota Bekasi Diminta Jaga Netralitas Selama Tahapan Pemilu 2024, Baca Ini!

Anu kacatet baé ogé aya 48 ngaran tempat di Kabupatén Purwakarta anu maké kecap “sari”. Ti mimiti Banjarsari di Nagrikalér (Purwakarta) nepi ka Wangunsari di Sawit (Darangdan).

Di antarana aya Cadassari (Tegalwaru), Bunisari (Pléréd), Legoksari (Darangdan), Margasari (Pasawahan), Ciparungsari (Cibatu), Campakasari (Campaka), Tanjungsari (Pasawahan), Sumbersari (Kiarapedes), Wanasari (Wanayasa), Bungursari, jeung Sukasari.

Éta téh anu dipaké ngaran désa (bari can kabéh), ngaran kampungna mah tangtu leuwih loba. Bisa jadi leuwih ti 50-an. Tampolana mah hiji ngaran aya di sababaraha tempat anu béda tur pajauh. Kembar deui baé.

Upamana baé Bunisari, salian ti ngaran désa di Pléréd téh, jadi ngaran lembur deuih di Parakanlima (Jatiluhur) jeung di Bojong Barat (Bojong).

Salian ti kecap “sari”, kecap “suka” deuih anu kaitung loba dipaké ngaran tempat di Kabupatén Purwakarta téh. Kacatet aya 34 ngaran tempat anu dimimitian ku “suka”. Ti mimiti Sukaati di Pangkalan (Bojong) nepi ka Sukatani di Sukatani.

Baca Juga:  Dalam Imendagri Kabupaten Cirebon dan Purwakarta Masuk PPKM Level 4

Ngaran désana, di antarana baé aya Sukadami (Wanayasa), Sukahaji (Tegalwaru), Sukajadi (Pondoksalam), Sukamanah (Bojong), Sukamulya (Tegalwaru), Sukamukti (Maniis), Sukasari, jeung Sukatani.

Éta téh ngaran désana, bari jeung can kasebut kabéh. Ngaran lembur atawa kampungna mah tangtu leuwih loba.

Di Purwakarta baé, di antarana aya Sukahaji di Nagrikidul, Sukamulya di Ciseureuh, Sukarata di Cipaisan, jeung Sukasari di Tegalmunjul.

Anu panglobana mémang ngaran Sukamaju, Sukamulya, jeung Sukasari. Mun nilik ka dinya mah, tétéla urang Purwakarta resep sarta miharep lemburna maju, mulya, jeung nyari.

Ari kecap “mekar” kacatet dipaké ngaran di sapuluh tempat. Ieu mah lolobana dipaké ngaran désa. Bisa jadi lolobana désa pamekaran.

Upamana baé Désa Mekargalih (Jatiluhur), Mekarjaya (Kiarapedes), Mekarsari (Darangdan), Cadasmekar (Tegalwaru), Gandamekar (Pléréd), Jatimekar (Jatiluhur), jeung Kadumekar (Babakancikao).

Terus aya Désa Karyamekar (Cibatu), Mulyamekar (Babakan Cikao), jeung Kelurahan Purwamekar (Purwakarta).

Kabéh ogé kakara ditataan ngaranna, can diguar nyosok jero sacara toponimis. Sabab unggal ngaran hiji tempat, miboga harti jeung sajarah séwang-séwangan. Keun, guareun engké. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.