Sausap-saulas Toponimi Purwakarta (12): Lalakon Pangguyangan Badak

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di sisi Situ Buleud, Purwakarta, aya patung badak. Henteu salah, sabab dumasar kana carita rayat, baheulana mah éta situ téh tempat pangguyangan badak. Datang ti Cikumpay jeung Simpeureum, ngaradon guyang di dinya.

Cikumpay, ayeuna mah ngaran désa, perenahna di tungtung kalér Kacamatan Campaka. Di dinya ogé aya situ, anu katelah Situ Cikumpay.

Kumpay téh ngaran tatangkalan ngamangandeuh, anu daunna ngagarebay. Sok disebut ogé kadaka. Matak lauk emas anu awakna alus sarta buntutna ngagebay, mun ngojay siga nu ngagéboy sok disebut lauk kumpay.

Ari Simpeureum ngaran salahiji lembur anu geus euweuh di kieuna, kakeueum ku Bendungan Jatiluhur. Aya ogé Simpeureum, ngaran kelurahan di Kacamatan Cigasong, Majalengka. Di Garut wé aya Lembur Simpeureum téh, di Samarang. Jarauh ti Situ Buleud.

Pangguyangan badak mémang loba lalakonna di urang mah. Aya sababaraha dayeuh di Jawa Barat anu mimiti diadegkeun dina urut pangguyangan badak atawa teu jauh ti pagguyangan badak.

Upamana baé Kota Bandung, anu puseur dayeuhna diadegkeun dina urut pangguyangan badak ti Cisitu, tempat anu teu jauh ti kampus ITB kiwari. Cianjur, sarua deuih diadegkeun dina urut pangguyangan badak anu jolna ti Cihéa. Tasikmalaya jeung Ciamis ogé sarua.

Baca Juga:  Selama Ini Anda Makan Menu Mengandung Plastik Mikro

Ari ngaran Pangguyangan Badak, di antarana baé aya di Kasomalang (Subang), Argapura (Majalengka), Gunung Bitung (Ciamis), jeung Bogor. Malah salasahiji kawah di Gunung Tangkubanparahu ogé ngaranna Pangguyangan Badak.

Naha éta anu garuyang téh badak putih atawa badak biasa? Can aya katerangan anu jinek. Ngan biasana ari badak anu geus guyang, awakna sok pinuh ku leutak. Ari leutak lamun geus garing katémbongna sok bodas, kaasup leutak garing anu aya dina awak badak.

Badak kaasup sato anu seukeut ambeuna. Maranéhna nyahoeun tempat anu loba cai. Éta sababna, baheula mah, tempat pangguyangan badak sok dijadikeun lembur. Ambéh teu hésé cai.

Ayana badak di Kabupatén Purwakarta (baheula), bisi dipaluruh tina ngaran tempatna. Di Tegalmunjul (Purwakarta) aya tempat anu ngaranna Ceulibadak. Teu jauh ti Situ Buleud, baheula mah aya gang anu ngaranna Gang Badak.

Ngaran Lembur Cibadak aya di Sukamukti (Maniis) jeung Cihanjawar (Bojong). Ari di Ciramahilir (Maniis) aya Pasirbadak. Tah, di Cihanjawar (Bojong) ogé aya ngaran tempat Piruangbadak. Bisa jadi di dinya baheulana kungsi dipaké moro badak.

Baca Juga:  Ridwan Kamil Tegaskan, Masyarakat Jangan Lalai

Piruang téh basa Sunda, basa Indonésiana mah “jebakan”. Piruang badak téh ngandung harti “jebakan badak”. Biasana mangrupa lombang anu ditutupan ku jujukutan jeung dangdaunan, di dasar lombangna maké awi seukeut modél bambu runcing.

Salian ti badak, maung deuih anu loba dipaké ngaran tempat di Kabupatén Purwakarta téh.

Aya Cimaung di Ciwangi (Bungursari). Anu seremna, Legokmaung di Cihanjawar (Bojong) jeung Liangmaung di Cicadas (Babakancikao). Ari di Babakan (Wanayasa) mah ngaranna Legokmacan.

Jumlah-jamléh leuwih ti 200 ngaran tempat di Kabupatén Purwakarta anu ngagunakeun ngaran sasatoan, salian ti badak jeung maung téh.

Aya banténg: Parungbanténg di Sukasari jeung Pasirbanténg di Cihanjawar (Bojong).

Bagong atawa bedul: Tegalbagong jeung Curug Bedul, duanana di Cihanjawar (Bojong). Ari peucang aya Cipeucang di Gandasoli (Pléréd).

Sapi: Kandangsapi di Garokgék (Kiarapedes),Tegalsapi di Néglasari (Darangdan), jeung Gunung Lembu di Panyindangan (Sukatani). Munding mah aya Tegalmunding di Pusakamulya (Kiarapedes).

Baca Juga:  Bupati Bogor Umumkan Kenaikkan Upah Pesapon

Oa aya pasirna, Pasiroa di Bunder (Jatiluhur). Terus Pasirucing di Cihanjawar (Bojong), Pasirkuda di Sukadami (Wanayasa).

Cilandak aya di Sindangsari (Bojong), di Cirangkong (Cibatu), jeung ngaran désa di Kacamatan Cibatu.

Bangsa manuk ogé aya sababaraha, di antarana heulang jeung rangkong. Aya Ciheulang di Mekarjaya jeung Margaluyu (Kiarapedes), jeung aya Sayangheulang di Kembangkuning (Jatiluhur).

Cirangkong aya di Pasanggrahan (Tegalwaru) sarta jadi ngaran désa di Kacamatan Cibatu. Di Cirangkong (Cibatu) ogé aya Bojongrangkong; ngan taya katerangan patalina jeung “Inohong ti Bojongrangkong” serial sinétron jadul anu kungsi midang di TVRI Bandung.

Cikalong aya di Bénténg (Campaka), Cikérak di Sindanglaya (Sukatani), ari Pasirbondol aya di Ciramahilir (Maniis).

Anu gagah mah lambang nagara urang, Galudra jadi ngaran désa di Pondoksalam.

Ngaran sasatoan anu jadi ngaran tempat di Kabupatén Purwakarta masih kénéh loba. Saperti Cipeusing, Cileungsing, Cikodok, Cikuya, Cibogo, jeung Cijelér.

Keun, urang teundeun di handeuleum hieum, hanjuang siang; sampeureun engké. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.