Sastra jeung Seni Sunda: Mikawanoh Carita Pantun

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

“Pantun” dina basa Indonésia béda jeung “carita pantun” dina basa Sunda. Kecap “pantun” dina basa Indonésia sarua jeung “sisindiran” dina basa Sunda. Nya éta basa ugeran (puisi) anu diwangun ku cangkang jeung eusi.

Ari carita pantun nya éta lalakon (carita) anu ditepikeun sacara lisan dina wangun basa ugeran (puisi), bari dipirig ku kacapi.

Aya bagéan anu digalantangkeun jeung aya bagéan anu dikawihkeun deuih. Tapi angger bari dipirig ku kacapi. Anu nepikeun carita pantun disebutna juru pantun.

Carita pantun téh kaasup karya sastra Sunda buhun. Disebut karya sampakan dina sastra Sunda mah. Hartina lain pangaruh tina sastra deungeun (asing) saperti novel, sajak, atawa carita pondok (carpon).

Carita pantun geus aya ti jaman Pajajaran kénéh. Carita pantun ogé sok disebut “mitologi Pajajaran”, lantaran umumna lalakon carita pantun sok aya hubunganana jeung Karajaan Pajajaran, boh langsung atawa henteu langsung.

Baca Juga:  Panglima TNI: 109 Rumah Sakit Siap Tangangani Pasien Covid-19

Lalakon carita pantun anu geus kakoncara di urang, di antarana baé “Lutung Kasarung”, “Ciung Wanara”, jeung “Mundinglaya di Kusumah”.

Carita pantun téh lalakonna atawa caritana mah kaasup kana karya sastra (basa) lisan, tapi ari pagelaranana kaasup kana karya seni (pintonan). Carita pantun biasa dipintonkeun sapeuting jeput, ti bada isa nepi ka subuh.

Kiwari mah geus carang anu nanggap pintonan carita pantun téh. Malah juru pantunna ogé geus tinggal sababaraha urang deui. Bisa diitung ku ramo.

Baheula carita pantun sok ditanggap di nu kariaan saperti nyunatan atawa ngawinkeun. Carita pantun ogé sok ditanggap di nu ngaruat, méméh di urang ramé pintonan wayang golék.

Baca Juga:  Suara Bising, Bikin Peternak Ayam di Majalengka Merugi

Salasahiji ciri anu ngabédakeun carita pantun jeung karya seni lianna, dina carita pantun mah aya rajah. Nya éta bagéan pantun anu ditepikeunana dihaleuangkeun. Eusina sanduk-sanduk ka Nu Mahasuci, lantaran rék ngamimitian mantun, disebutna “rajah bubuka”.

Salian ti éta ogé aya “rajah panutup” anu ditepikeun dina lekasan carita. Sarua deuih éta ogé dihaleuangkeun. Ngan henteu sakabéh juru pantun sok ngagunakeun “rajah panutup” anu sok disebut ogé “rajah pamunah”.

Saenyana rajah téh, boh rajah bubuka boh rajah pamunah, henteu kaasup kana bagian lalakon. Tapi mun mantun henteu maké rajah kaleungitan ciri mandirina.

Aya anu nyurahan kecap “pantun” ku basa “kirata” (dikira-kira sangkan nyata). Pantun téh cenah wancahan tina “papan ditungtun”. Pédah umumna juru pantun téh tunanétra. Tangtu dina kamekaranana mah teu kitu.

Baca Juga:  SMK Taruna Sakti Dididik Yonarmed 9 Pasopati Kostrad

Manéhna meunang lalakon carita pantun téh ti guruna sacara lisan. Anu disebarkeun deui ka balaréa sacara lisan deui baé. Éta di antarana anu nyababkeun carita pantun sok loba vérsina.

Lalakon carita pantun téh kaitung loba, salian ti anu geus disebut tadi ti heula. Di antarana baé lalakon “Bujang Pangalasan”, “Nyai Sumur Bandung”, “Kembang Panyarikan”, “Paksi Keling”, “Gajah Lumantung”, “Badak Pamalang”, “Kidang Panadri”, jeung “Kuda Maléla”.

Hanjakal ayeuna mah geus carang, boa geus euweuh, pintonan carita pantun téh. Nepi ka urang kiwari hésé néang raratan ajén-inajén kasundaan anu natrat dina carita pantun. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.