Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Loba anu mikaresep kana carita pantun téh lantaran dicaritakeun kalawan hégar. Euyeub ku ungkara basa anu murwakanti sarta miboga rupa-rupa gaya basa. Ti mimiti gaya basa ngupamakeun, mijalma, rarahulan, jeung sajabana.

Gaya basa rarahulan anu loba dipikaresep téh. Salian ti sok dihaleuangkeun, kekecapanana ogé ngundang pikaseurieun deuih. Loba kapanggih dina lebah nataan (déskripsi) tokoh-tokohna, kalakuanana, atawa pagawéanana.

Carita pantun, upama ditulis (ditranskrip), dina sajajarna umumna diwangun ku dalapan engang. Biasana sok murwkanti deuih.

Upamana baé dina waktu nataan beubeunangan ninun putri geulis.

  • poléngna songkét kanoman,
  • alus lain kaulinan,
  • matak tigulusur kutu,
  • matak tisolédat tuma,
  • matak tisorodot moyo,
  • matak tijalikeuh piteuk,
  • laleur euntreup tijalikeuh,
  • euntreup dina tinun putri.

Ku alus-alusna kaén meunang ninun Nyi Putri, cenah gé nepi ka matak tigulusur kutu tisolédat tuma, tisorodot moyo. Malah lamun aya laleur euntreup bakal tijalikeuh.

Atawa nataan raksasa, lawan nu boga lalakon:

  • Kumisna mani ngajebug
  • gedé kawas sapu injuk.
  • Kumis pacorok jeung janggot,
  • sok matak mintul baliung,
  • matak rompang kana kujang.
  • Bulu irung digelungan
  • siga bangbara ngaliang.
  • Bulu kélék dilélépé
  • siga nu nyoréndang koja.
  • Bulu taktak digulungan
  • siga nu mamanggul heurap.

Éta geura aya kumis anu ngejebug sagedé sapu injuk. Heuras deuih, pacorok jeung janggot. Cenah gé matak mintul baliung, rompang kujang. Aya bulu irung digelungan, bulu kélék dilélépé.

Hal anu sarupa kitu remen kapanggih dina carita pantun mah, anu disebut gaya basa rarahulan, tarjamahan tina hiperbola atawa hiperbul (ceuk létah urang Sunda mah).

Gaya basa rarahulan téh nya éta ungkara basa anu kaleuleuwihi sarta pamohalan, tujuanana mah pikeun ngantebkeun maksud. Tapi ari dina carita pantun mah miboga fungsi séjén, nya éta pikeun panarik ati anu ngadéngékeun, salian ti guguyon téh.

Saenyana dina paguneman sapopoé ogé mindeng kapanggih, gaya basa rarahulan téh. Maksudna mah pikeun ngantebkeun maksud sangkan karasana ku anu ngadéngékeun atawa anu maca leuwih teleb.

Contona saperti dina kalimah di handap!

  • Bandung ayeuna mah geus jadi kota anu pinuh ku gedong anu jujul ka langit.
  • Hahargaan téh beuki dieu kalah beuki apung-apungan.

Ungkara jujul ka langit dipaké pikeun ngaganti kecap jangkung. Padahal sakumaha jangkungna ogé gedong, moal nepi ka jujul ka langit, malah ngaliwatan méga ogé jararauh.

Ari kecap apung-apungan dipaké pikeun ngaganti kecap naraék. Hahargaan disaruakeun jeung langlayangan.

Conto séjénna:

  • Awak sagedé gajah tumpak sapédah, meni teu parantes.
  • Proyékna ngajelegur, anu matak hirupna langsung mamur.
  • Si Éta mah atuda beurat-beunghar, duitna ogé euweuh nomer serian.
  • Cita-citana ngawang-ngawang mapakan méga.

Masih kénéh remen kapanggih gaya basa rarahulan téh, ayeuna ogé. Komo geura usum kampanyeu. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.