Carita Pantun: Gajah Lumantung

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Gajah Lumantung téh raja di Nagara Pasir Batang Lembur Tengah. Boga adi putri geulis ngaranna Nyai Nimbang Manik, anu geus boga salaki ka Sangiang Guru Gantang.

Harita anu jadi raja di Karajaan Majapait téh Singa Komala. Sang Raja boga adi awéwé anu ngaranna Nyai Sekar Komala. Raja Majapait boga maksud rék ngarebut Nagara Pasir Batang Lembur Tengah.

Nyai Sekar Komala nganaséhatan Singa Komala, sangkan ngabatalkeun niatna, sabab Nagara Pasir Batang Lembur Tengah geus boga raja anu gagah nya éta

Gajah Lumantung. Tapi naséhat adina téh henteu dipaliré ku Singa Komala.

Singa Komala maréntah ka hulubalangna nya éta Badak Sangora, sangkan nyieun jalan ti Majapait ka Pasir Batang Lembur Tengah.

Badak Sangora ngumpulkeun prajuritna jeung rayat Majapait, terus baé nyieun jalan ka Nagara Pasir Batang Lembur Tengah. Éta jalan téh sapoé ogé geus jadi.

Baca Juga:  Soal Jamaah Tak Bisa Umrah di Jeddah, Emil: Kami Belum Terima Laporan

Singa Kombala katut pamajikan jeung adina, arindit ka Nagara Pasir Batang Lembur Tengah. Diiringkeun ku Badak Sangora jeung pangeusi karaton.

Singa Komala tumpak kuda bodas nu ngaranna Sang Barani, anak Si Méga Lanang. Badak Sangora tumpak kuda nu buluna burik. Ari Sekar Komala jeung pamajikan Singa Komala tumpak karéta kuda.

Sanepina ka sisi Nagara Pasir Batang Lembur Tengah, maranéhna nyieun pasanggrahan.

Gajah Lumantung ngadéngé béja yén Singa Komala geus masanggrahan tatan-tatan rék ngarampas Nagara Pasir Batang Lembur Tengah.

Adi Gajah Lumantung, Nyai Nimbang Manik, méré saran sangkan maranéhna ngalolos baé, sabab Raja Majapait kawentar sakti.

Gajah Lumantung ambek, lantaran manéhna embung kabur. Nyai Nimbang Manik dicipta jadi leutik pisan, sagedé suuk, terus diasupkeun kana cupu manik, diteundeun dina éndongna.

Baca Juga:  VIDEO: Jokowi Ajak Prabowo dan Erick Thohir Ke Jatim, Ada Apa?

Babarengan jeung Guru Gantang, Gajah Lumantung ngajugjug ka pasanggrahan Singa Komala. Terus nangtang Raja Majapait.

Singa Komala nitah hulubalangna, Badak Sangora maju perang ngalawan Gajah Lumantung. Badak Sangora éléh nepi ka paéhna, dipaéhan ku Gajah Lumantung.

Prabu Singa Kombala maju ka médan perang ngalawan Gajah Lumantung. Gajah Lumantung éléh, paéh ku Singa Komala. Laju Singa Komala nangrang perang ka Guru Gantang.

Guru Gantang teu wani ngalawan Singa Komala, lantaran lain lawan-lawaneun manéhna. Terus baé nulis surat ka alona Gajah Lumantung anu ngaran Taji Wiru Kuning, raja di Haurduni.

Éta surat nétélakeun, yén Karajaan Pasir Batang Lembur Tengah diserang ku Raja Majapait. Gajah Lumantung éléh tur geus nemahan pati ku Singa Komala. Dipiharep Taji Wiru Kuning mantuan ngusir musuh ti Nagara Pasir Batang Lembur Tengah.

Baca Juga:  Ramalan Zodiak, Ini Adalah Hari Keberuntunganmu, Libra

Sanggeus narima jeung maca éta surat, Taji Wiru Kuning mangkat ka Nagara Pasir Batang Lembur Tengah. Langsung ngajugjug ka médan perang, terus baé nangtang perang ka Singa Komala.

Dina éta perang, Singa Komala éléh dipaténi ku Taji Wiru Kuning. Adi Singa Komala meredih sangkan Singa Komala, Badak Sangora, katut kabéh anu perlaya dina éta peperangan dihirupan deui.

Éta pameredih ditedunan ku Taji Wiru Kuning, ku kasakténna anu pilih tanding, anu geus perlaya harirup deui.

Ahirna mah sakabéh raja ngaku taluk ka Taji Wiru Kuning sarta sadia babakti. Saterusna mah Taji Wiru Kuning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara di Pasir Batang Lembur Tengah, ngabawah nagara-nagara patalukanana.

Sumber carita: J.J. Meyer. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.