Karakter Wayang (2): Anu Kurang Tata Kurang Wiwaha

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Teu béda ti dina kahirupan sapopoé, dina pawayangan gé euyeub ku lalawanan. Hadé-goréng, bener-salah, bodo-pinter, jeung sajabana.

Dina karakterna ogé kitu. Malah sakapeung mah jelas pisan bédana tokoh anu jahat jeung anu bener téh. Kontras anu boga lalakon jeung penjahat. Méh taya gradasina.

Lamun pinter, pasti kabalinger; lamun bodo pasti bedegong, ditambah ku guminter, pupujieun, jeung hayang meunang sorangan.

Di handap aya sawatara karakter tokoh wayang anu sok tokoh antagonis dina lalakon pawayangan.

Suyudana, budina rendah, bodo, belikan jeung cupet, henteu bisa ngabédakeun hal nu nista jeung nu prayoga.

Teu boga timbangan sorangan, sagala kumaha cék batur; pupujieun, irén jeung panastrén. Jejerih leutik burih.

Awuntah, teu inggis miceunan banda dapon haté sugema, tapi sabalikna, pohara korétna lamun sakira teu matak jadi kaagungan ka pribadina, komo upama matak cocéng komara mah.

Baca Juga:  BRI Life Diduga Diretas, Hacker Jual Data Nasabah di Dunia Maya

Kacida owel jeung kadedemesna ku kalungguhan; embung aya nu nyasama atawa ngaluluhuran. Ngomongna anca (lain lalaunan) jiga hésé ngedalkeunana, tapi sorana tarik (lain cowong).

Sangkuni, calakan, omongna luak-léok, ari nyarita pohara dianggit-anggitna; gepyak soméah daréhdéh saréh, tapi haténa nya julig nya dengki. Gawéna ngan ngadu-ngadu rajawisuna, nepi ka teu inggis ngabohong jeung ngabobodo.

Telenges, teu ngukuhan kaadilan. (Dina padalangan di Pasundan mah adat jeung sipat ieu téh ayana di Dorna).

Karna, jalang-jéléng pasemon gedé kawani, guminter, tara ngagugu kana temah wadi nu lian.

Upamana baé naséhat Kresna dina arék der Baratayuda jeung lengas-lengisna Kunti – ibuna – sangkan Karna ulah milu tandang; kabéh teu digugu sanajan kahartieun jeung kawangwang ogé pibalukareunana, pura-pura teu ngarti baé.

Baca Juga:  Sebentar Lagi Bulan Ramadhan, Pahamilah 3 Hal Ini Dapat Menggugurkan Pahala Puasa

Takabur rasa manéh panggagahna, gurat batu, ana geus boga karep tara beunang dipondah; tara aya arang-iringna (teu aya tawareunana). Lébér wawanén taya kasieun.

Dursasana, nista budina, sagala sambéwara, sologoto taya subasita, garadag-gurudug, kasar garihal, lukak lancap cumaluntang.

Ngomong cowong kalah ka gandéng, harung gampung teu eusian. Jejerih leutik burih. Resep licik sarta linyok, goroh bohong palacidra.

Burisrawa, cara Dursasana tapi kecing jeung henteu pati sologoto, rosa pakarepanana.

Dorna, pinter tur binekas, bisa ngira-ngira anu baris kalakon (ngalelebah pihasileun panggawé). Ari ngomong leleb tur ngeunah kadéngéna, bisa ngajugjugan haté batur, bisa neguh karep nu lian, tapi bisa nyumputkeun semuna pribadi.

Bisa muji ngugung jeung ngalem nu lian, daék sadrah ngéléhan manéh tarima jelema numpang; bisa padu parebut bebeneran; handap asor daék ngarendahkeun manéh tara adigung ieu aing umangkeuh réa kabisa.

Baca Juga:  Berwisata Sambil Mengamati Keindahan Gaya Arsitektur Dari Tugu Perjuangan Indramayu

Anu ditataan téh dina padalangan di Pasundan mah jadi sabalikna pisan. Dina buku-buku jaman baheula Dorna téh disebutna Dangiang – bawaning luhung – . Salinan-salinan tina buku kuna disebutna karamat jeung sinembah.

Dina waktu maotna dina Baratayuda, ku Arjuna mah nepi ka dirangkulan diceungceurikan.

Rahwana, gedé ambek jeung bedang, sawenang-wenang resep ngumbar angkara murka. Percéka pinter nyarita, tapi songong belengong, resep nénjo batur cilaka.

Teu panuju lamun nénjo anu luhur budi jeung nu ngukuhan kautamaan, téga nganiaya nu tanpa dosa, tapi sakti sumbaga (kamashur), wanian tapi teu boga kaéra.

Karesepna jail dengki, sagala sumanggup tapi tara éra cidra jangji. Lamun ngomong ngagorolang jiga moal eureun-eureun. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah