Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Jaman baheula, di daérah Puncak Bogor, di lamping Gunung Lémo nu aya di sabudeureun Pagunungan Mégamendung, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Kutatanggeuhan. Anu sok disebut ogé Karajaan Kemuning Kemanggi.

Rajana Prabu Swarnalaya, ari praméswarina Ratu Purbamanah. Kawentar raja anu adil tur wijaksana, nepi ka karajaanana subur mamur, rayatna senang taya kakurang.

Sanajan kitu, raja jeung praméswarina can ngarasa bungah. Ari sababna, raja can diparengkeun boga turunan. Mangtaun-taun kawin, praméswari henteu baé kakandungan. Padahal rupaning tarékah geus dilaksanakeun.

Antukna, nurut kana pelengan kokolot karajaan, Kangjeng Raja tatapa di hiji guha nu aya di Mégamendung. Kahayangna kabiruyungan. Teu lila ti harita, praméswari kakandungan.

Baca Juga:  Klakson Motor Kalian Mati? Bisa Jadi Ini Penyebabnya

Sanggeus salapan bulan, praméswari ngalahirkeun orok awéwé. Orok geulis tur lucu, sarta dingaranan Nyi Ajeng Gilang Rinukmi, anu sok disebut ogé Putri Ayu Kancana Wungu.

Putri Ayu kacida diwowoy jeung dipikanyaahna ku Kangjeng Raja katut praméswari. Sagala kahayangna taya nu dipungpang. Kawantu anak anu kacida dianti-antina. Antukna Nyi Putri jadi budak nu ogoan tur loba kahayang.

Nincak sawawa, adatna henteu robah, malah beuki tambah. Karesepna maké nu sing sarwa éndah, dipasieup ku emas inten berlian. Kageulisanana beuki témbong jeung moronyoy, jadi pamujian sapangeusi nagri.

Baca Juga:  BPKN Minta Rakyat Indonesia Dukung Vaksin Buatan Dalam Negeri

Dina hiji mangsa, Kangjeng Raja ngayakeun pésta milangkala Putri Ayu, putri hiji-hijina anu kacida dipikanyaahna. Kangjeng Raja méré hadiah kongkorong warna-warni tina rupa-rupa emas inten berlian.

Tapi, Nyi Putri teu daék nampa éta hadiah, sabab henteu saluyu jeung kahayangna. Éta kongkorong téh dipiceun. Dialungkeun nepi ka emas inten berlian téh awur-awuran. Nempo kitu, indungna ceurik, ngarasa nalangsa ku hiji ku dua.

Mareng jeung éta, aya kajadian anu ngageunjleungkeun. Aya lini anu gedé kacida, matak génjong sanagara. Taneuh bareulah sarta ti lebah Putri Ayu ngalungkeun kongkorong téa, ngaburial cai anu kawilang gedé.

Baca Juga:  Tiga Kesalahan Yang Bisa Merusak Investasi Ini Mesti Kalian Hindari

Beuki lila cai téh kalah beuki ngagedéan, tungtungna ngeueum Karajaan Kutatanggeuhan jeung sagala rupa pangeusina. Janggélék waé jadi talaga atawa situ.

Ti dasar talaga sok katémbong nyorotkeun cahaya nu warna-warni, anu matak disebut baé Talaga Warna.

Ceuk sakaol, éta cahaya anu warna-warni ti dasar talaga téh asalna tina kongkorong emas inten berlian anu mancawura, dialungkeun ku Nyi Putri Ajeng Gilang Rinukmi téa. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah