Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Basa anu hirup salawasna robah nuturkeun kamekaran jaman. Hal anu biasa tur kacida wajarna. Kamekaran téhnologi gedé pisan pangaruhna kana kamekaran basa. Tong jauh-jauh, ayeuna mah urang nyaritakeun barang anu aya di sabudeureun imah wé.

Barudak ayeuna bisa jadi geus loba anu teu apaleun kana téko atawa poci, sabab geus carang dipaké, malah bisa jadi geus euweuh barangna di imahna gé. Fungsina geus diganti ku dispénser jeung galon. Lila-lila kecap téko jeung poci bakal kapopohokeun. Les wé leungit. Kasilih ku kecap anyar dispénser jeung galon.

Saenyana, ngaran barang anu salila ieu aya di imah urang ogé loba anu asalna tina basa deungeun. Basa anu bisa jadi asalna ti nu miboga éta barang. Asup ka urang Sunda, katut jeung ngaran-ngaranna, ngan diucapkeunana diluyukeun jeung létah urang Sunda.

Bisa jadi ayeuna mah barangna ogé geus carang deuih, mungkin geus euweuh, tapi kungsi aya tur dipikawanoh sarta diparaké ku urang Sunda.

Geura urang tataan, di antarana:

Alketip, asalna tina basa Arab ‘alquatifatun’, amparan anu dijieun tina bulu domba, jsb.; permadani.

Anglo, asalna tina basa Cina ‘hang lo’, hawu gagarabah anu hurungna ku areng.

Asbak, asalna tina basa Belanda ‘asbak’, tempat calacah, wadah sekar.

Baki, asalna tina Belanda ‘bakje’, tempat neundeun atawa mawa gelas, piring, jsb

Balé, asalna tina basa Austronésia Kuno ‘balay’, tempat diuk, tempat narima sémah

Bangku, asalna tina basa Belanda ‘bank’, méja anu sapasang jeung korsina.

Baskom, asalna tina basa Belanda ‘waschkom’, wawadahan modél jajambaran tina panci, pelastik; asalna mah paranti ngumbah leungeun jeung sibeungeut.

Béker , asalna tina basa Belanda ‘wekker’, sabangsa jam nu bisa sina ngirining dina waktu nu dipikahayang ku urang, sangkan urang kageuingkeun

Bél, salna tina basa Belanda ‘bel’, 1. locéng; 2. alat anu ngaluarkeun sora pikeun tangara asup atawa kaluar anu ngagunakeun listrik

Bohlam, asalna tina basa Belanda ‘booglamp’, lampu anu bisa caang ku tanaga listrik nu dialirkeun kana sabangsa kawat di jero éta lampu

Baca Juga:  Berikut Lima Bahaya Kerokan, Bahkan Bisa Stroke

Botol, asalna tina basa Ingris ‘bottle’, wadah barang éncér tina beling anu beuheungan sarta bisa dicocokan.

Bupét, asalna tina basa Belanda ‘buffet’, 1. parabot imah sabangsa lamari, 2. tempat ngajual kadaharan, jsté. di setatsion, di kantor, di hotél, jsb.

Cukil, asalna tina basa Kawi ‘cukil’, cokél, colék. Kiwari ngandung harti: panyiuk sangu.

Dacin, asalna tina basa Cina ‘da tsing’, timbangan gantung

Dadung, asalna tina basa Kawi ‘dadung’, tali. Kiwari ngandung harti: tambang gedé anu sok dipaké nyangcang munding.

Damar, asalna tina basa Kawi: damar; palita, lampu.

Dipan, asalna tina basa Belanda ‘divan’, babaléan tina kai.

Dulang, asalna tina basa Kawi ‘dulang’, ngaran wadah gedé tina kai golondongan, bangunna siga pinggan atawa sangku gedé paranti ngarih jeung ngakeul, nutuan janggél, jsté.

Dus, asalna tina basa Belanda ‘doos’, dus, kardus.

Émbér, asalna tina basa Belanda ‘emmer’, ngaran wadah cai, jsb. nu bisa dijingjing, dijieunna biasana tina séng atawa pelastik, bangunna rék siga boboko, néros ka handap ngan sokona buleud, sok dipaké nimba.

Elap, asalna tina basa Belanda ‘lap’, sabangsa serebét, lamak paranti kasak-kosok at sasat-susut.

Erak, asalna tina basa Belanda ‘rak’, tempat dipanta-panta paranti neundeun barang sabangsa parabot rumah-tangga paranti neundeun barang (nu teu kudu dibunian ku panto).

Galon, asalna tina basa Belanda ‘gallon’, ukuran barang hancer (minyak). Kiwari ngandung harti: tempat cai tina pelastik samodél gembling, sok dipaké cai mineral.

Garpuh, asalna tina basa Portugis ‘garpu’, sabangsa séndok anu tungtungna maké seuseukeut pikeun nyocog.

Gelas, asalna tina basa Belanda ‘glas’, 1. gedah, kaca; 2. lumur. paranti nginum.

Halu, asalna tina basa Kawi ‘halu’, basa Sangsekerta ‘alu’, alat paranti nutu.

Istrika, asalna tina basa Belanda ‘strijken’, parabot tina beusi atawa kuningan nu sok dipanasan, dipaké ngalicin papakéan.

Jam, asalna tina basa Parsi ‘jam’, alat anu nuduhkeun waktu; waktu dina 60 menit.

Jok, asalna tina basa Cina ‘jiók’, pangdiukan dina mobil, motor, jsb. biasana empuk, lantaran maké karét busa, pér, tapas, jsb.

Baca Juga:  Gunung Merapi Kembali Luncurkan Awan Panas, Bikin Hujan Abu di Cepogo

Kabel, asalna tina basa Belanda ‘kabel’, kawat lembut nu dilanten nepi ka gedé, kawat nu dibungkus pikeun kaperluan telepon, listrik, jsté.

Kabinét, asalna tina basa Belanda ‘kabinet’, sabangsa lomari leutik maké laci.

Kalo, asalna tina basa Cina ‘ka lo’, ayakan tina anyaman kawat atawa awi paranti ngayak tipung, jsb.

Kamocéng, asalna tina basa Cina ‘ke mon chheng’, paranti meresihan kekebul tina bulu hayam, jsb.

Kamper, asalna tina basa Belanda ‘kamfer’, kapur barus, obat pikeun nolak geget, jsb. (dina lamari) atawa pikeun ngaleungitkeun ambeu nu teu ngeunah (di jamban), dijieunna tina geutah tangkal sabangsa tangkal menyan.

Kantong, asalna tina basa Cina ‘kang tong’, ngaran wadah tina kulit, lawon, pelastik, jsté

Kapstok, asalna tina basa Belanda ‘kapstok’, barang anu dipaké pikeun ngagantungkeun pakéan, topi, jsté.; gantungan baju.

Karpét, asalna tina basa Inggris ‘carpet’, permadani, amparan lanté tina kaén kandel atawa bulu domba.

Kawali, asalna tina basa Kawi ‘kawali’, pariuk.

Kompor, asalna tina basa Belanda ‘komfoor’, 1. pakakas masak; 2. anglo, parupuyan.

Korsi, asalna tina basa Arab ‘kursiyyun’, ngaran parabot rumah tangga pikeun diuk tina kai, hoé, jsté. nu maké suku jeung panyarandéan.

Kulambu, asalna tina basa Belanda ‘klamboe’, tutup ranjang sangkan reungit teu bisa asup.

Kulkas, asalna tina basa Belanda ‘koelkast’, lomari és.

Laci, asalna tina basa Belanda ‘laatje’, tempat duit. Kiwari ngandung harti: sorogan; laci méja atawa laci bupét, bagian méja atawa bupét mangrupa wadah (bak kai) anu bisa disaralak-sorolok (dibedol) jeung disurungkeun.

Lampu, asalna tina basa Belanda ‘lamp’, palita, pikeun nyaangan. Kiwari ngandung harti: damar alus, maké semprong, atawa songsong sarta leuwih caang ti batan palita, cempor, jsté., hurungna aya nu ku minyak tanah, karbit, listrik, jsté.

Lomari, asalna tina basa Portugis ‘armario’. paranti teuteundeunan nu dihambal-hambal jeung dipantoan.

Langseng, asalna tina basa Cina ‘lang se’, parabot dapur paranti nyeupankeun sangu, naheur cai, jsb.

Lésnar, asalna tina basa Belanda ‘lessenaar’, 1. méja leutik tempat neundeun buku nu dibaca, daunna rada mi¬ring; 2. méja pendék paranti maca-nulis bari sila di handap (teu maké korsi).

Baca Juga:  Ini Potret Suram Buruh Genteng Jatiwangi Majalengka

Lokét, asalna tina basa Belanda ‘loket’, 1. liang; tempat ngajual karcis karéta api, bioskop, jsté.; 2. lomari leutik; 3. kotak dina méja tulis; 4. wadah duit tina kulit sabangsa dompét.

Méja, asalna tina basa Portugis ‘méza’, bangku pikeun dahar atawa nulis.

Obéng, asalna tina basa Cina ‘o’ peng’, parabot paranti mageuhan atawa ngalaan paku uril, jsb.

Open, asalna tina basa Belanda ‘oven’, pangbakaran atawa hawu modél Eropa, dipanasanana ku kompor minyak tanah, ku gas, atawa ku listrik.

Palita, asalna tina basa Parsi ‘palita’, lampu minyak anu maké simsim.

Panci, asalna tina basa Belanda ‘pan’, ngaran parabot dapur paranti ngangeun jsté. tina beusi nu dilampud ku “email”.

Patromak, asalna tina basa Belanda ‘petromak’, ngaran lampu kompa minyak-tanah, alus caangna.

Pelés, plés, asalna tina basa Belanda ‘flesch’, botol leutik.

Pengki, asalna tina basa Cina ‘pun ki’, ngaran wadah tina anyaman awi paranti nampanan atawa nandéan runtah nu disapukeun; kiwari aya anu dijieun tina pelastik.

Pispot. asalna tina basa Belanda ‘pisspot’, sarupa wadah siga panci paranti kiih ti peuting di jero imah.

Poci, asalna tina basa Belanda ‘potje’, pot leutik. Kiwari ngandung harti: téko tina beling, taneuh atawa séng, paranti nyeduh entéh.

Pot, asalna tina basa Belanda ‘pot’, wadah melak tutuwuhan keur hiasan.

Ranjang, asalna tina basa Austronesia Kuno ‘lanjang’, 1. anyaman; 2. tempat saré tina anyaman; 3. tempat saré. Kiwari ngandung harti: katil, tempat saré.

Sabun, asalna tina basa Arab ‘sabunun’, 1. ngabudah; 2. barang ngabudah pikeun meresihan awak, pakéan, jsb.

Sepré, asalna tina basa Belanda ‘sprei’, tutup kasur.

Serbét, asalna tina basa Belanda ‘servette’, kaén paranti beberesih; elap leungeun sabada dahar.

Setéker, asalna tina basa Inggris ‘steker’, alat paranti nyambungkeun setrum listrik nu sok dicolokkeun kana setop kontak.

Tas, asalna tina basa Belanda ‘tass’, kantong.

Térmos, asalna basa Belanda ‘thermosfles’, tempat neundeun cai sangkan tetep panas. (Red)