Penulis: Wijnand Kerkhoff
Priangan mah ukur kaéndahan. Ari Sumedang, ku wisatawan dunya mah disebutna "Itali ti beulah wétan". Dina tungtung taun 1930-an, Tuan Kerkhoff aprak-aprakan mapay pilemburan Sumedang. Hasil motrétna digundukkeun dina ieu buku, jadi gambar-gambar nu éndah cék alam harita, jeung matak waas cék alam ayeuna.
Di Sumedang, para wisatawan mangsa harita tinemu jeung katingriman. Maranéhna nyaksian pasawahan nu héjo lémbok, pagunungan nu beueus ku ibun, jeung rahayatna nu soméah tur getol digawé.
Ari Tuan Kerkhoff, tayohna téh resep naker nyukruk pakasaban urang Sumedang. Méh saban nu digawé kapapay, ti mimiti patani, padagang, tukang karajinan, tukang nyadap, pabrik minyak séréh, pabrik oncom, palédang, nu nyieun bilik, jrrd.
Halaman selanjutnya 1 2

Baca Juga:
Kebakaran Hanguskan Gudang Sablon Di Jakbar, Kerugian Ditaksir Hingga Rp 250 Juta
Pemkot Tasikmalaya Berencana Uji Coba Sekolah Tatap Muka pada 26 April